Sabtu, 24 April 2010

SAMAGAHA ATI


Asa aya samagaha na palebah kalakay ati
poek mongkleng teu nyesakeun kalangkang
ngagetruk lengkah nyiar jalan keur mulang
rek kamana kuring oge teu surti

Asa aya samagaha na pangacian diri 
rumeuk pasulibreng teu cekas katingali
ngahontal cekeleun keur tempat muntang ati
tapi teu wasa da salira teu katingal wira wiri

Iraha samagaha kaganti ku katumbiri
nu biasana endah ku pulas werna werni
hirup pasti leuwih kaharti
salira pasti langkung gumati.



@Bumi Asri==April 20, 2010 (21:35).-

Jumat, 23 April 2010

SIMPE-NA PEUTING

Peuting jempling simpe
Ngan karacak sesa girimis
marengan hate nu lungse
Taya sora nu biasa ngagalindeng jentre
Ngeukeupan hate bari mepende

Peuting beuki henang hening
Ngan hiliwirna angin nu ngadalingding
Taya sora nu biasana ngaharewos
pinuh ku kawening
Ngahariring ngusapan hate kuring
Peuting ngangsrod ka  janari
Halimun turun rek mapag poe
Eusining carita nu kamari
Panuhun ulah disimpen na hate



@Bumi Asri==April 20, 2010 (20:50).-

Jumat, 16 April 2010

TUNGGARA


Nangtung ngajanteng na sisi lamping lungkawing
Nungguan nu rek nyangking kuring
Pajar teh anjeunna nyaah taya papadana
Pajar teh anjeunna deudeuh taya bandingna

Nangtung na sisi cadas nu tohaga
Sigana anjeun ngulang sulaya
Kumaha kuring rek percaya
Taya basa taya carita komo deui tembongna

Cag carita nepi kadinya
Tungtungna ngan ukur tunggara
Kuring geus teu walakaya
Nyanggakeun takdir sadaya daya





@Bumi Asri ==April 13, 2010 (05.30)





PANTO HATE


Panto hate teh poe ieu rujad deui
padahal kai-na cikeneh diganti
ngabelaan pasini jangji
susuganan teu siga wanci kamari

Panto teh geus teu mangrupa
marukplukan ku rasa murka
poho yen ieu teh mamala
paralun teuing jadi aral subaha

Panto hate teh rek diganti sakabehna
dipageuhan sa-tulak2na
meh taya deui semah nu ngadon nyimpang
nu datangna peuting, balikna beurang




@Bumi Asri==April 13, 2010 (04.15).-






PANGLANGEUAN


Aya nu ngolebat na emutan
Siga kica kica na tegalan eurih
Najan sakedap nanging ninggal tapak
Nu dipikameumeut na hate nu peurih

Aya nu ngulampreng na lamunan
Siga haleuang pinuh ku kamelang
Najan saliwat tapi ninggal kahayang
Nu dipikadeudeuh na lawang panineungan

Aya nu ngaliwat na kahirupan diri
Siga angin nu datang nyiliwuri
Najan milipir tapi ninggal kanyeri
Nu dipikasono na sapotong ati



@Bumi Asri=April 12, 2010.- (17:55)






LIGAR KEMUNING

Kemuning teh ligar deui kembangna kang....
Seungitna ngahiliwir neumbrag 
kana hate nu pangjerona
Ngan ukur bisa neuteup bodasna
Ngan ukur bisa nyeuseup arumna
Kalangkang salira tetep ngan ukur kalangkang
jadi batur satia na handeuleum pangharepan

Kemuning teh leubeut deui kembangna kang...
Bodasna...
seungitna...
ngemutkeun kuring
kana katresna
kana kadeudeuh
kana kasono
salira ka kuring



@Bumi Asri==April 12, 2010 (14:00)

DATANGLAH ENGKAU



Kala...rinai hujan menyapa sosok bumi
sebentuk wajah bertabir lara
tersenyum di bawah atap daun nipah
Datanglah engkau...
datang dan datanglah

Tengadah wajah mereguk karunia Tuhan
sapaan sang hujan 
di tengah kala kerontang sang musim
adalah damba dan do'anya
di senyap belantara rimba

Datanglah engkau...
datang dan datanglah
dan sebaris do'a syukur lantas mengalun
membelah hari diantara gemericik air

Datanglah engkau...
datang dan datanglah
sebentuk wajah itu kini bertabur suka
hujanpun rinai
larapun usai



@Badak Field.-