Sabtu, 24 April 2010

SAMAGAHA ATI


Asa aya samagaha na palebah kalakay ati
poek mongkleng teu nyesakeun kalangkang
ngagetruk lengkah nyiar jalan keur mulang
rek kamana kuring oge teu surti

Asa aya samagaha na pangacian diri 
rumeuk pasulibreng teu cekas katingali
ngahontal cekeleun keur tempat muntang ati
tapi teu wasa da salira teu katingal wira wiri

Iraha samagaha kaganti ku katumbiri
nu biasana endah ku pulas werna werni
hirup pasti leuwih kaharti
salira pasti langkung gumati.



@Bumi Asri==April 20, 2010 (21:35).-

2 komentar:

  1. Ass. Uwi, damang? punten abdi nembe tiasa milarian blog Guritan Sunda Uwi. Mohon izin abdi ngiringan komen ya. Hatur nuhun Uwi. Wass.

    BalasHapus
  2. Haturan Cep Beno...
    muhun mangga...diantos komen atanapi kritik-na..
    peryogi eta teh kangge perbaikan mutu...
    salam kangge neng Siti...

    BalasHapus