Geulis,
aya nu herang
ngangenclang di juru panon
Panon hideung nu biasana seukeut
ayeuna raheut ku kanyeri
Geulis,
aya rasa nu jentre
ngagalindeng dina hate
hate nu biasana reueus
ayeuna beueus ku kanyeri
Geulis,
aya nu gejed dina lengkah
lengkah nu biasana trangginas
ayeuna ngadaligdeug ku kanyeri
Kuhayang geulis..
nyusut cipanon salira
Kuhayang geulis...
ngiuhan hate salira
Kuhayang geulis
ngalempengkeun lengkah salira
Hampura geulis,
kahayang kuring ngan bati kahayang
nu hese kahontal
kahayang kuring ngan ukur kahayang
nu hese ngajadi
Bral miang geulis,
bral...
@Bumi Asri==Februari 23. 2010.-
aya nu herang
ngangenclang di juru panon
Panon hideung nu biasana seukeut
ayeuna raheut ku kanyeri
Geulis,
aya rasa nu jentre
ngagalindeng dina hate
hate nu biasana reueus
ayeuna beueus ku kanyeri
Geulis,
aya nu gejed dina lengkah
lengkah nu biasana trangginas
ayeuna ngadaligdeug ku kanyeri
Kuhayang geulis..
nyusut cipanon salira
Kuhayang geulis...
ngiuhan hate salira
Kuhayang geulis
ngalempengkeun lengkah salira
Hampura geulis,
kahayang kuring ngan bati kahayang
nu hese kahontal
kahayang kuring ngan ukur kahayang
nu hese ngajadi
Bral miang geulis,
bral...
@Bumi Asri==Februari 23. 2010.-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar