Kembang ligar di buruan
aya sesa girimis
nu remis d tungtung daun
Layung koneng semu beureum
gumebyar di langit Bandung
ngagupayan na panto hate
Sora tonggeret di pucuk tangkal mahoni
jadi panginget pasini janji urang baheula
nu teu ngajadi kersaning Allah SWT
Kembang ligar,
gumebyar layung,
sora tonggeret,
Ku waas ngabandunganana...
Waas ku katineung
nyuksruk jalan jeung nu dipikadeudeuh
Baheula....wanci baheula......
@Bumi Asri==Februari 26, 2010.-
aya sesa girimis
nu remis d tungtung daun
Layung koneng semu beureum
gumebyar di langit Bandung
ngagupayan na panto hate
Sora tonggeret di pucuk tangkal mahoni
jadi panginget pasini janji urang baheula
nu teu ngajadi kersaning Allah SWT
Kembang ligar,
gumebyar layung,
sora tonggeret,
Ku waas ngabandunganana...
Waas ku katineung
nyuksruk jalan jeung nu dipikadeudeuh
Baheula....wanci baheula......
@Bumi Asri==Februari 26, 2010.-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar