Rabu, 14 April 2010

SULAYA NU KADUA





 Niat hate hayang ngulang carita
nu baheula pernah sulaya 
raheut diri ku pasini nu kadua
jangji salira jadi tunggara

Tangkal kai sisi jalan
kalakay tinggal ragragna
hanjakal abdi nembalan
cirambay geuning akhirna

Jamparing lepas tina gondewah 
nanceb dina tengah ati
hariring pinuh ku kanyaah
ayeuna rungseb meh teu kaharti

Duh gusti kuring hampura
teu nampi kana cocobi
ngudag ngudag kalangkang mega
nu sidik nyababkaeun kanyeri



@Bumi Asri==Maret 3, 2010.-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar