Rabu, 14 April 2010

JUNGJUNAN

 
 
 
Jungjunan,
purnama ka sapuluh meh nepi ka wanci
milang tanggal mimiti urang
pakait pikir pakait hate

Jungjunan,
mapag angin nu ngahiliwir ngadalingding
mawa beja ti salira, panutan ati
cenah sono...
ngawangkong bari paamprok soca

Jungjunan,
hate ngarakacak kagentak ku lamunan
nu jadi matak harita urang paturay
nu jadi matak urang patepung deui

Jungjunan,
aya harewos bojong ti pipir hate urang
mangrupa haleuang katresna
cenah mah....
milampah sauyunan aya dina impenan

Jungjunan,
abdi nganti jangji salira
pastina ku ayana ridho nu Kawasa
engke bakal jadi panganten salira
di suwarga Allah nu pangendahna.



@Bumi Asri==Februari 23, 2010.-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar