Ngan bati hanjakal
nu aya na hate wengi ieu...
nyawang ombak nu bodas nyacas
ngobrol sareng salira
Ngan bati lamunan
nu aya na pikiran wengi ieu..
waas ku kanyataan
gumebyar sora ombak
neumbrag kana hate salira...jungjunan..
Ngan bati kahoyong
nu aya na kalangkang hate
urang pasisi-sisi
ngajadikeun impenan jadi kanyataan...
Teu jadi matak impenan ngan ukur impenan,
da salira tetep ngeukeupan hate,
bari ngaharewoskeun tembang kadeudeuh,
ngaharewoskeun tembang katresna...
kangge kembang ligar salira,
nu sanajan paanggang tapi hate mah marengan...
@Bumi Asri==Maret 12, 2010.-
nu aya na hate wengi ieu...
nyawang ombak nu bodas nyacas
ngobrol sareng salira
Ngan bati lamunan
nu aya na pikiran wengi ieu..
waas ku kanyataan
gumebyar sora ombak
neumbrag kana hate salira...jungjunan..
Ngan bati kahoyong
nu aya na kalangkang hate
urang pasisi-sisi
ngajadikeun impenan jadi kanyataan...
Teu jadi matak impenan ngan ukur impenan,
da salira tetep ngeukeupan hate,
bari ngaharewoskeun tembang kadeudeuh,
ngaharewoskeun tembang katresna...
kangge kembang ligar salira,
nu sanajan paanggang tapi hate mah marengan...
@Bumi Asri==Maret 12, 2010.-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar