Jumat, 16 April 2010

UBAR HATE...


Tadi sonten nuju layung masih ngagantung,
pasti bagja mun salira ngiring ngariung,
mung Gusti Nu Maha Agung,
tacan ngidinan urang paamprok tepung.

Wengi ieu angin ngadalingding,
mairan hariring kuring,
dipirig ku kacapi suling,
ngubaran hate nu geuring.

Ningali daun kalapa nu ngagupay,
teu karasa kuring cirambay,
emut ka salira nu ngalageday,
na harigu bari neuteup raray.

Unggal enjing sabray-na soca nu aya mung ukur salira
Unggal wengi sameh-na reup nu aya mung ukur salira
salira ubar hate nu diantos-antos
salira ubar hate nu moal kantos



@Bumi Asri==Maret 03, 2010.-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar