Jumat, 16 April 2010

TUNGGARA


Nangtung ngajanteng na sisi lamping lungkawing
Nungguan nu rek nyangking kuring
Pajar teh anjeunna nyaah taya papadana
Pajar teh anjeunna deudeuh taya bandingna

Nangtung na sisi cadas nu tohaga
Sigana anjeun ngulang sulaya
Kumaha kuring rek percaya
Taya basa taya carita komo deui tembongna

Cag carita nepi kadinya
Tungtungna ngan ukur tunggara
Kuring geus teu walakaya
Nyanggakeun takdir sadaya daya





@Bumi Asri ==April 13, 2010 (05.30)





1 komentar:

  1. Wilujeng tepang bageur,salam kenal.Makasih puisinya,Happy blogging.

    BalasHapus